Minggu, 19 Februari 2012

Midang Bingah

Galindeng Tresna Nu Kedal Taun Kamari
Kiwari Bukti Meungkeut Geugeut Jatukrami
Asri Malati Nu Bodas Ngaruntuy Endah
Ngiring Geura Kanu Nuju Midang Bingah

Ilang Karempan Datang Hareupan
Kembang Otel Waktos Apel Ngabuah Janten Panganten
Pileuleuyan Lalagasan Pileuleuyan
Dinten Ieu Anjeuna Rek Beber Layar

Cingcin Asih di Rema Kiwa
Minda Tempat Ka Katuhu
Dangding Asih Kawit Lelewa
Pada Jangji Rek Satuhu

Cingcin Asih Dina Jariji
Nyelap Malah Nambih Endah
Pasini Pareng Ngahiji
Omat Ulah Bade Pukah

Bilih aya nu peryogi Mangga DiCopy Paste Wae...

Rabu, 01 Februari 2012

Pidato Seren Tampi

Bismillah
Alhamdulillah

Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari
cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri) didahupkeun
di balé nyungcung

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) ,
Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)

Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah

kadua ibadah

mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ sareng neng (Nami Panganten Istri)
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qurân

upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah

kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)

Katilu akhlaq

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga

kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana

salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang

kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya

Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian

Kaopat, cita-cita

Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga

ku kituna prinsip
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga

upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,
(kaping bulan taun)
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma
fii khoir

Minggu, 11 Desember 2011

Rajah Pamunah

Rajah
Bismmilah ngawitan ngidung
Sumalindung ka illahi
Ka Allah numaha heman
Seja numutkeun talari
Budaya karuhun sunda
Neda ninggal ka illahi

Payo
Kapan pidawuh nu agung
Kasakumna umat gusti
Allah nembe ngahampura
Mun sepuhna ngahaksami
Ngahapunteun ka putrana
Sepuh teh wawakil gusti

Kidung
Kiwari cunduk diwaktu
Wancining ridho illahi
Putra teh sumeja ngaras
Babakti lahir lan bathin ngawasuh dampal sampean
Ibu rama wiwit lahir
Amin ya robbal allamin
Mugi gusti nangtayungan

(Ditembangkeun sateu acan acara ngaras dingawitan)

Selasa, 05 April 2011

Mukadimah Acara Ngaras

BISSMILLAH HIROHMANNIROHIM
ASSALLAMMUALAIKUM WARROHMATTULAHHI WABBAROKATUH
ALLHAMMDULILLAH HIRROBIL ALLAMIN WASOLLATU WASSALAM IWALL MURSALIM WA ALLA ALIHI WASHOBBIHI ADZMAIN,ASYHADUALLA ILLA HAA ILALLAH WASHA DUA’ANA MUHAMAD DARROSULLALAH AMMA BA’DU ROBBI SOLLI SODRI WAYAS SIRLI AMRI WAHLUL UQDAHTAM MIN LISANI YAPQOHU KAULI.
HADIRIN ANU MULYA KALAYAN WIDI ALLAH SWT DINA DANGEUT IEU URANG TIASA RIUNG MUNGPULUNG BINARUNG RAKHMAT MANTENA NYAETA DINA ACARA NGARASNA CALON PANGANTEN KANU JANTEN IBU RAMANA, ACARA IEU BIASA DILAKSANAKEUN SATEU ACANA CALON PANGANTEN DI WALIMAHAN


IBU-IBU BAPAK-BAPAK ARI NGARAS TEH NYAETA PUTRA SEJA SUNGKEM NYUHUNKEUN DIHAPUNTEUN DITERASKEUN NGAWASUH DAMPAL SAMPEAN IBU SARENG RAMANA CALON PANGANTEN, ACARA IEU LERES-LERES ADAT SUNDA NAMUNG AYEUNA TOS KA KUBUR KU USUM KALIMPUDAN KU ZAMAN KALAMBAK PANDIKA BUDAYA TITATAR KULON PADAHAL ACARA IEU TEH TEU KINTEN AGEUNG HARTOSNA KANU BADE NGAMBAH SAGARA RUMAH TANGGA.
TUMUT PATALI KARUHUN CARIOSAN IEU BADE DI DUGIKEUN KA CALON PANGANTEN NGARAH ECES SING SAHA JALMA NU TAKWA KA ALLAH TUMUT KA IBU RAMANA TUR TARA MILAMPAH SUMPAH PALSU BARIS PINANGGIH KABAGJAAN DUNYA RAWUH AKHERATNA LAJENG KANGJENG NABI OGE NGADAWUH YEN MOAL DIHAMPURA ETA UMAT LAMUN TEU DIHAMPURA KUNU JANTEN IBU SARENG RAMANA,GEUNING AYA PARIPAOS ULAH REK MUNJUNG KA GUNUNG ULAH REK MUJA KA SAGARA MUNJUNG MAH KUDU KA INDUNG MUJA MAH KUDU KA BAPAK INDUNG TUNGGULNA RAHAYU BAPA TANGKALNA DARAJAT,DO’A TI INDUNG SARENG BAPAK ANU SALAMINA MARENGAN KUMARGI KITU SUMANGGA URANG PADA –PADA SAKSENI KUMAHA NGARAS NA IEU CALON PANGANTEN KANU JANTEN IBU SARENG RAMANA.
ATUH MUKHADIMAH TI SIM KURING DICEKAPKEUN MUNG DUGI KADIEU SAKIRANGNA SIM KURING NEDA BOBOT SAPANON CARANG SAPAKAN NEDA JEMBAR HAMPURANA.


NARASI SUNGKEM PUTRA KA IBU & BAPAK


Anaking poe isuk cunduk diwaktu
Ninggang dimangsa
Hidep rek mungkas mangsa rumaja
Rek nedunan sunah rosul
Nyumponan ibadah nikah
Nyungsi wanci laki rabi
Nyorang mangsa rumah tangga
Ngambah hirup papasangan
Mugi sing kengeng ridho
Miwah panangtayungan
Tinu maha kersa tur kawasa

Nanging masing emut geulis anaking
Memeh hidep kebat lampah kebat lengkah
Memeh hidep jumurung laku balayar nyumponan takdir
Ulah silo ku panenjo,ulah samar ku paninggal
Sing apal kamuasal,sing surti kamula jadi
Kalangkang nu maha suci atra dialam gumelar
Nyatana indung jeung bapak

Moal aya hidep mun teu aya indung jeung bapak
Indung tunggulna rahayu bapak bagalna waluya
Indung lautan paralun bapak sagara hampura
Indung anu ngandung,salapan bulan lilana diruruba diririba
Indung nu ngagelarkeun hidep ka alam dunya
Kageuleuhan kakemeuhan
Indung nu ngariksa ngaping ngajaring
boh beurangna boh peutingna
Estu satia bumela tilahir dumugi bathin

Bapa anu ngayuga,nu jadi marga lantaran
Lahirna hidep ka alam dunya
Bapa nu nyareatan,narekahan sangkan hidep hirup
Hurip mulus nanjung,panjang punjung
Panjang yuswa parek rizki jauh balai,cageur lahir bageur bathin
Bapa nu ngabina ahlak lan budi
Bapa nu ngaikhtiaran keur sandangna boh pangana

Geulis anaking piraku heunteu katoong
Piraku heunteu katembong,piraku teu karasa jeung teu rumasa
Kanyaah mamah jeung kanyaah bapa
Tanggung jawab dina ngaropea,jeung mulasara hidep
Timimiti hidep dikandung,tepi ka hidep gumelar ka alam dunya
Tug tepi ka kiwari kana dangeut ieu pisan
Estu beresih tanpa pamrih teu ngarep pamulang tarima

Tah ayeuna geulis
Meungpeung hate canggra bengras dihibaran ku kaimanan
Dicaangngan nur illahi disaksian kusadaya kadang wargi
Prak geulis neda ridho maha agung,neda widi maha suci
Ka Allah Ghofurrurokhim,ka asma nu maha akbar
Munjung heula muja heula katempat asalna ngancik
Kawiwit gelar dumadi