Kinanti layar
Du mamah abdi hapunteun
Rumaos abdi tamelar
Ka mamah kirang sumujud
Nuheman kadiri abdi
Di asuh pinuh ka asih
Dijaga di dama-dama
Jemplang Titi
Bral anaking geura miang
Payunan tuh kahirupan
Kamelang mamah ayeuna
Najan hidep geus sawawa
Ari paneda sepuh mah
Tiis ceuli herang panon
PUPUNDEN ATI
Duh anak ibu
Nugeulis pupunden ati
Sing caket eulis
Susutan eta ci soca
Ibu teh ikhlas
Hideup ka ibunya ngaras
Du’a ti indung mugi pangayung nu agung
Duh anak ibu
Nya eulis puputon kalbu
Sing panjang punjung
Indung mah ngan darma ngandung
Sing parek rizki
Sarta tebih nya balai
Bral geura miang
Doa indung nu marengan
(Ditembangkeun dina waktos ngumbah Dampal sampean ibu)
Rumpaka (Sungkem Putra Ka Bapak)
TEJAMANTRI
Sim abdi nyanggakeun
Panghormat pangbakti
Ka bapak nusarek soleh
Nu asih tikawit lahir
Ngarumat siang jeung wengi
Abdi teh seja sumujud
Mugi kersa sihaksami
Tilahir dugi kabathin
Neda widi bade ngaras
Mugi apa ngawidian
GOYONG
Aduh eulis jimat lakhir bathin
Kembang soca ibu sareng rama
Anaking pupunden ati
Mugia nu maha agung
Nangtayungan siang jeung wengi
Tebih ti panca bahya
Hirup mulus nanjung
Tur kengeng berkat sapa’at
Tiluluhur ti nabi tipara wali
Hideup teh dihampura
NIMANG
Nelengnengkung nelengnengkung
Mugi hideup mulya nanjung
Ginulur rakhmat ti indung
Tinayungan anu agung
Bapa mah ngan ukur darma
Katitipan nu kawasa
Cukang lantaran gumelar
Mung tumampi kana kadar
Lunta ka tungtung ci pandan
Dugi kana babantarna
Cintana indung ka anak
Sesah milari pantarna
Ngalanglang tuntung ci pandan
Lepas ninggal sagarana
Melangna indung ka anak
Langkung ti salirana
Pengamen
8 tahun yang lalu
Tidak ada komentar:
Posting Komentar